Rabu, 11 November 2009

BAB I
AWALAN
A. Latar Permasalahan
Aya hadis anu nyebatken “ kabersihan sabahagian tina iman”. Ngarujut tidinya urang sabagai umat anu beragama tos sapantes na ngajagi sareng miara kabersiahan diri sareng lingkungan. Teu aya karugian anu di timbulken tina tindak urang salami ngajagi kasehatan malahan leuwih seseurna ngarojng kanu hidup sehat jasmani sareng rohani.
Akhir-akhir ieu wargi di nagara indonesia tos kirang pisan kanu kasadaran kangge ngajagi kabersihan. Boh ti ibu-ibu, bapa-bapa, nyampe ken ka barudak anu lalemet. Trus kmh cara urang nyadarken na? Tah tidinya penulis rek mulai nagagali sumber-sumber masalahna.

B. Identifikasi Masalah
1. Sajauh mana masyarakat peduli ka kebersihan lingkungan sakitar
2. Upaya-upaya anu tiasa ningkatken kasadaran masyarakat kanggo sadar kebersihan

C. Pambates Masalah
Kanggo ngajagi ieu makalah teu aluar tina topik pambahasan panulis bade ngadambel batasa-batasan masalah anu teu tiasa di langkungan.
1. Pangertian kebersihan sareng mampaatna
2. Cara-cara anu ngarojong hirup sehat
3. Kalakuan masyarakat jaman kiwari
4. Upaya kanggo nyadarken deui masyarakat

D. Tujuan
Ku ayana pokok masalah anu aya di luhur tadi, panulis tiasa nagtuken tujuan ngadambel ieu makalah anu sayogina nyaeta “hoyong ngadarkan masyarakat kanggo pentingna miara kabersihan lingkungan”.
BAB II
EUSI PEMBAHASAN
A. Arti Kabersiahan Lingkungan
Kabersihan mangrupaken kata anu menang pangrobahan harti tina kata asal bersih, anu katerapan rarangken akhir –an nu ngajadiken eta kata teh robah makna tur hartina. Kabersihan tiasa dihartiken resik sahiji hal tina kotoran boh anu katingali atanapi anu sipatna ngandung najis.
Sedengken ari lingkungan tiasa di hartiken tempat anu ngagaduhan ukuran luar. Lingkungan oge di sebat tempat tinggal hiji jalma dinu waktos anu ka etang lami.
Jadi tina paparan di luhur tiasa di candak kesimulpan kanggo makna tinu arti kebersihan lingkungan nyaeta resik na hiji tempat anu lumayan gede cakupanan tida kotoran kotoran anu nganggu kanu kasehatan sareng pandangan.

B. Cara-Cara Anu Ngarojong Hirup Sehat
Masyarakat sok nyepeleken cara hirup anu sehat, kusabab sahiji alesan anu sabenerna sepele tur loba jalan kaluarna. Biasana hirup sehat sok dikaitken kanu ongkos anu mahal, padahal mah eta teh ngan sugesti anu teu bener jeung kanyataan na.
Hirup sehat te kudu mahal cekap ku rasa tanggung jawab jeung daek mika gawe kanu cara-carana. Mulai di mimitian ku sering-sering hudang sare lewih awal di lajenken ku olah raga 5 menit ge tos ka asup kanu hirup sehat. Tapi di jaman ayena 1 banding sarebu anu sok daek olah raga tiap hudang sare.
Dina cara urang tuang ge teu kedah repot kudu ngango lauk-lauk nu kaetang mahal, cekap ku lauk anu sederhana tapi nutrisi sareng serat anu di butuhken ku tubuh teh kedah ka cumponan. Contoh na tuang sangu bodas anu di rejengan ku tahu koneng atanapi tempe, teu hilap ditambih ku lalab sareng lauk asin eta ge tos sampurna. Tos pasti mun aya buah-buahan jadi lengkep pisan.
Tong hilap kabersihan dinu awak sareng pakean ge gaduh pengaruh anu sami anggeng na. Lingkungan anu kotor tiasa ngundang rebuan panyakit anu sifatna nular atanapi anu teu nular. Mun urang tiasa ngajagi lingkungan tetep bersih tantu wae kaluarga urang pasti ka hindar tina panyakit.

C. Kalakuan Masyarakat Jaman Kiwari
Nu penting enak tur nikmat ayena tos jadi kabiasaan masyarakat dijaman ayena. Teu peduli lingkungan manehna bersih atanapi hente. Warga ayena tos cenderung teu peduli yen eta teh hal anu penting pisan. Padahal maneh na tos apal yen lingkungan anu kurang bersih nimbulken penyakit.
Tina segi kadaharan anu biasa di konsumsi sapopoe ge jauh tina kadar sehat. Daharen nu loba di toko-toko geus loba anu kacampuran zat-zat kimia anu ngandung racun anu tiasa nyebabken panyakit anu berefek jangka panjang atanapi pondok.
Harga jual anu murah biasana jadi faktor utama masyarakat teu peduli ka sehatan. Nu ngandung racun ge ari rasana mernah mah teu inggis laku di pasaran. Lain padah eta warga teu tiasa ngaos kadar racun anu aya dina bungkus kadaharan tapi musabab kabutuhan mah tur enak raos na teu bujeng di galeh.
Produsen nu nyetak eta produk ge ayena mah tos rea anu “nakal”. Demi menangken palanggan jeung untung anu loba, teu jarang ngagunaken cara anu teu halal. Ti kawit ngarubah tanggal kadaluarsa sampeken ka nyampur barang-barang anu di larang ku agama.

D. Upaya Nyadarken Masyarakat Kanggo Hidup Bersih
Beiya hidup anu makin nanjak ulah sampe di tambih deui ku beya ngubaran panyakit ka dokter. Faktor utami kanggo ngatasi na nyaeta teu aya deu salain hirup sehat. Ngan hanjakalna kurang na kasadaran masyarakat kanggo hirup sehat.
Sosialisasi jeung iklan layanan masyarakat nu gelem tayang na TV geus kurang ngaruh ka masyarakat. Maneh na cenderung nyepeleken jeung ngarasa nasib mah geus di tangtuken ku tuhan. Padahal Allah geus jelas nyebutken moal ngarubah nasih hiji kaum mun teu ku kaum na sorangan anu ngarubah.
masyarakat jaman ayena mah teu aya deui jalan kanggo nyadarken na salain ti carita-carita nyata anu kaalaman ku dulurna atanapi tatanggana anu menang ken ti pangaruh buruk tara hirup sehat.
Misalna wae carita tatangga anu di operasi usus buntu lantaran loba dahar mie instan. Anu sabab na ku akibat karacunan jat pengawet anu ka kandung dina eta mie. Nu nyerang kanu lambung ngajadiken radang di urus. Pasti wae tah warga ngarasa segan tur sieun mun rek masak mie loba-loba teh.
Salaen ti eta loba keneh carita-carita lain na nu bisa di obroken ka masyarakat. Mun saeutik make bahasa anu bohong ge mo jadi masalah ari keur kaalusan mah sangkat eta masyarakat sadar yen hirup sehat teh penting pisan


BAB III
PANUTUP
1. Simpulan
Kasadaran masyarakat di jaman kiwari kana kabersihan tos mulai kurang malahan mah hampir lengit. Cara numbuhken na geus teu cukup ku sakadar iklan layanan tapi kudu ku omongan anu langsung ngena ngarah warga ngarasa sieun. Sarta ngamanken pabrik-pabrik anu ngagawean kacurangan kanggo ngala bati nu cing loba.